Translate

Minggu, 30 Agustus 2015

Legenda Eyang Batuwangi

Di Kacamatan Singajaya Kabupatén Garut, perenahna di Kampung Batuwangi Désa Ciudian aya hiji makam nu nepi ka kiwari masih dikaramatkeun ku masyarakat sabudeureunana. Malahan, teu saeutik nu daratang ti luar wewengkon Garut ngadon jararoh ka éta makam, utamana dina tiap bulan Mulud. Éta makam téh cenah tempat dikurebkeunna hiji raja di kadaleman Batuwangi baheula. Ku masyarakat kampung éta mah, tug, nepi ka kiwari makam téh salawasna dipulasara sabab éta tokoh dianggap luluhurna. Cenah mah, di Kampung Batuwangi nepi ka kiwari aya kapercayaan nu masih pagéuh dina kayakinan masyarakat éta kampung. Numutkeun kapercayaan éta, cadu pikeun turunan Batuwangi ngadahar hulu hayam. Lamun pacaduan éta dirempak bakal aya mamalana ka éta jalma. Kumaha atuh cenah sasakalana aya kajadian kitu téh?
 
Baheula mangabad-abad ka tukang di Kampung Batuwangi aya hiji kadaleman  ngaranna Kadaleman Batuwangi. Ari wates wewengkonna ti Pamegatan Pacing, nepi ka Pamegatan Cikajang ayeuna. Kadaleman Batuwangi mashur kacida nalika dinarpatian ku Bagénda Raja Batara Rayu Kinasihan. Salian ti éta raja luhung arif tur wijaksana, ogé ngagaduhan hiji puteri geulis "titian Dewi", nu jenenganna Nyi Puteri Kentring Manik.
 
Kageulisan, kaayuan tur kabinangkitan sang Puteri nambahan kaseungitan tur kamashuran Kadaleman Batuwangi waktu harita. Sang Puteri éta jadi lambang kageulisan wanoja balaréa alarn harita. Sikep, pari polah sareng Bandanna dijadikeun panutan, utamina ku para wanoja sasamana.
 
Kocap kabinangkitan, kageulisan tur kaayuan Puteri Kentring Manik lain ngan saukur dipika ajrih di Kadaleman Batuwangi, tapi kanyataanna seungit ka luar kadaleman éta. Malihan Putera Mahkota Raja Galuh jenenganna Rangga Wulung nu mashur kasép, cerdas, tur komaraan ngaraos kasmaran, kapetik asih kapentang asmara ku sang Puteri. Mimiti anyar pinanggih, paamprok jonghok patepang raray nu kasép sareng nu geulis nalika Rangga Wulung dipiwarang ramana ti karajaan Galuh kudu ngayakeun gawé bareng dina widang tatanén sareng Kadaleman Batuwangi. Waktu harita pisan jamparing asih nu duaan silih nurus ati, ti kawit paadu teuteup nu sumerep kana emun-emunan, sapada harita "Déwa Asmara" ngancik dina diri séwang-séwangan.
 
Di Karajaan Galuh

Ayeuna urang kocapkeun kaayaan di Karajaan Galuh.
 
Rangga Wulung ngagaduhan rai pameget hiji-hijina nu satia tur satuhu ka anjeunna. Ka mana waé angkat Rangga Wulung, raina teu weléh ngingiclik. Salawasna jadi réncang, mikanyaah tur mikaasih pisan ka nu jadi rai, teu sirikna lir gula jeung peueutna. Ari jenengan rai Rangga Wulung téh, Rangga Dipa.
 
Singket carita, nincak sababaraha bulan Puteri Kentring Manik sareng Rangga Wulung ngaitkeun tali asih. Pihak kulawarga Rangga Wulung ti karajaan Galuh parantos singkil badé ngalamar sang puteri. Saméméhna, kantos Rangga Wulung nyuhunkeun saran tur kamandang ti raina nu dipikaasih téa Rangga Dipa ngéunaan lamaran anjeunna ka Puteri Kentring Manik.
 
"Rai kakang, Rangga Dipa. Kadieu geura! Kakang aya picarioseun ka rai." Dawuh Rangga Wulung dina hiji mangsa.
"Sumangga kakang, badé aya picarioseun naon? Rai sayaga ngupingkeunna naon nu baris disanggémkeun. Malihan rai badé tuhu ngalaksakeunnana Waler Rangga Dipa.
 
"Rai, numutkeun kamandang kakang, parantos waktosna kakang ngalamar tur éngal-éngal ka Balé Nyungcung sareng Nyi Puteri Kentring Manik. Ari kamandang rai, kumaha?" Rangga Wulung naros ka raina.
 
"Kakang Rangga Wulung nu ku rai dipiasih. Saupami éta parantos janten kaputusan kakang kalayan pinuh ku tinimbangan tangtosna rai éstu sapagodos. Saéna mah pami taya halang-harungan purnama nu badé dongkap kakang sareng aceuk Puteri éngal baé ka Balé Nyungcung. Mudah-mudahan sagala harepan urang kenging widi ti ramanda Raja." Waler Rangga Dipa pinuh kagumbiraan.
 
Liwat sababaraha bulan saparantos Rangga Wulung ngalamar sang Puteri ti Kadaleman Batuwangi, niti wanci nu mustari nincak mangsa nu utama, poé nu dianti-anti ku kulawarga karajaan tur sakabéh rahayat, yaktos poé jatukrami agung antawis putera Raja Galuh nu gandang, kasép ngalénggéréng konéng sareng Puteri Raja Batuwangi nu geulis campernik, abong puteri titisan Dewi.
 
Poé harita dua insan istiméwa calik dina palaminan. Pangantén wanoja nu géulis lir titisan Dewi Sinta. Kitu deui pangantén pameget kasép lir titisan Déwa Batara Rama. Katinggali éta pangantén pinuh ku kabahagiaan, bagja laksana, kauntun tipung kaantay béas, hamo badé pipisahan nepi ka pakotrék iteuk, ceuk paribasana.
 
Kakuping gumuruh surak hadirin, ogé kulawarga dua karajaan nu geus jadi bébésanan nyakseni upacara, akad nikah. Éta hal nandakeun yén hadirin ngaréstuan pisan jatukrami dua putera raja téh. Saparantos acara. "sungkem" ka ibu sareng ka rama masing-masing pangantén, sakumaha adat kabiasaan dina acara jatukrami waktu harita sok diteraskeun kana acara. "huap lingkung". Dibarengan ku suka bungah, pinuh kabagjaan éta sapasang panganten silih huap. Acara beuki ramé sabab hadirin masih satia. nyakseni.

Supata Raja

Nalika Rangga Wulung ngegél hulu hayam ana gécrot polona mécrét meneran pisan pinareup sang Puteri. Sang Puteri ngaraos kuciwa pisan ku kajadian. Ninggali kajadian kitu, Rangga Dipa nu ti kawit acara nyakséni pinuh bagja lantaran nyaah ka nu jadi raka, Rangga Wulung. Sapada harita éngal nyabut carécét ti jero saku acukna, teras nyaketan sang puteri. Anjeunna ngagedek teras sapada harita meresihan cai uteuk nu ngotoran raksukan pangantén lebah dada sang Puteri.

Tapi kumaha balukarna, ku kajadian singket harita.

Rangga Wulung ngaraos timburuan dina manahna. Anjeunna éngal neuteup Rangga Dipa ku teuteupan soca pinuh dendam. Duhung nu aya dina cangkéngna dicabut. Iblis parantos ngarasuk kana jiwana. Haténa ngagebleg poék. Atuh, teu antaparah deui ngan...

Bles... bles!

Duhung Rangga Wulung niir jantung Rangga Dipa. Rangga Dipa sapada harita rubuh taya dikieuna. Namung, saméméh ajal dipungut ku nu kagungan sempet ngedalkeun lisan ka rakana kalayan pinuh kaihlasan.

Pok nyarios.
 
"Kakang, rai teu aya haté colonos, éstu bersih haté bangblas, nyaah ka nu jadi lanceuk, teu aya geuneuk maleukmeuk!"
Ngadangu cariosan raina kitu, Rangga Wulung teu tata pasini deui saharita keris anu lamokot ku getih téa...

Bless... bless!

Ditubleskeun ka anjeunna meneran pisan jajantungna, golépak harita kénéh lastari ngemasi pati di payuneun garwana Puteri Kentring Manik.
Nyaksian kajadian kitu, nu teu disangka sacongo buuk hadirin molohok ngembang kadu. Sang Puteri nangis prihatin tur tunggara, téxas kapiuhan saharita. Teu antaparah deui ninggali katunggaraan éta Bagénda Raja Rayu Kinasihan ngucapkeun supata.
 
"Ti semet ieu

keur turunan kaula

cadu ngadahar hulu hayam!"

Tah, sakitu Sasakala Turunan Batuwangi Cadu ngadahar hulu Hayam téh. Cenah, lamun aya diantarana salah saurang turunan Batuwangi ngarempak éta pacaduan, sok aya balukarna nu baris tumiba ka manéhna. Umpamana ngadadak budug sirah nu Hésé kacageurna.‎

Tidak ada komentar:

Posting Komentar